23 Mei 2009

SI BULE DI TANAH SUNDA

SI BULE DI TANAH SUNDA

Kacaritakeun dina hiji poe di bulan Juli Desa Cigayam Kacamatan Dawuan Majalengka kadatangan saurang bule ti Amerika. Manehna datang ka tempat ieu pedah diajak ku babaturanna nu guru basa Inggris. Ngaran guru eta nyaeta Pa Cecep. Ari si bule ngaranna Steve.
Ari si Steve mah resep-resep bae diajakan ulin sabab manehna panasaran pisan kana kahirupan jalma nu di desa kusabab pastina manehna bakal manggihan hal-hal anu pastina beda jeung nu aya di nagarana.
Dua poe katukang, saprakna dibejaan yen manehna rek diajak ulin, si Steve katempona mani bungaheun pisan. Katempo tina persiapanna mimiti tina baju nu rek dipakena, tunyu-tanya ka pa Cecep soal kalakuan nu pantes lamun manehna aya di ditu, sampe kana basa sunda nu kudu manehna bias paling henteu soal ngenalkeun sorangannana. Anu pasti si Steve geus teu sabar pisan nungguan kana eta poe.
Di tanggal 12 Juli, bari naek kana mobil pribadi nu ngan 1000 cc mesinna, si Steve jeung Pa Cecep mangkat ka desa. Sajajalan loba obrolan nu nyieun perjalanan teu karasa lila. Memang si Steve teh jalmana rada cerewet. Tapi lumayan oge jang ngagantikeun radio tape nu kabeneran keur rada teu bener. Salain eta, aya untungna oge si Steve milu kusabab Pa Cecep oge keur nyoba ngalancarkeun kamampuan ngomong basa Inggrisna.
Teu karasa perjalanan sa jam teh ka tempat tujuan. Ngahaja kadatangan ka Cigayam teu dibejakeun ka urang lembur. Pa Cecep hayang nyaho kumaha reaksina Aki jeung emang-emang nu aya di lembur lamun si Pa Cecep mamawa bule kadinya. Pastina araneheun. Bener bae barang mobil kakarek abus ka jalan leutik nu rek ka imah aki loba barudak leutik teu lalaki teu awewe naluturkeun ditukangeun mobil. Aya oge ibu-ibu bari jeung ngangais budak miluan ti tukangna. Pokona mah asa manggihan tontoneun nu jarang aya di TV. Mani asa keur sunatan bari jeung diarak-arak ngurilingan desa.
Ari nu di imah, Aki nempo loba jalma nutur-nutur mobil incuna tangtu bae si Aki aneheun. Bet geuning tara-tara ti sasari. Biasana oge lamun aya incuna ulin ka imah teu aya anu nutur-nutur. Ieu ieu geuning beda. Aya naon meureun gerentesna.
Barang pas mobil eureun di hareupeun imah, saturunna Pa Cecep jeung Steve ti mobil kakara si Aki rada ngajenghok. Meren dina pipikiranna aya uang Walanda kasasar. Si Aki ngan ngadon ngajanteng bari mikiran kudu ngomong naon. Boro-boro basa Inggris, basa Indonesia bae teu bisaeun. Untungna bae si Pa Cecep buru-buru nyalaman si Aki bari nayakeun kabar anjeunna.

“Yai, kumaha damang? Kagetnya abdi ngabantun rerencangan?”, tanya Pa Cecep.

“Enya. Tara biasana ari ulin bari mamawa batur maneh teh, Cep”. Cek si Aki.

“Ieu Yai, abdi kadieu teh kaleresan hoyong ngajak rencang bule supados terang kahirupan urang desa”. “Anjeunna nembe saminggu di Indonesia. Kenalan abdi di internet. Saurna anjeunna nuju liburan didamel. Anjeunna hoyong terang Indonesia teh jiga kumaha.”

“Urang mana cenah?” tanya si Aki ka Pa Cecep.
Pa Cecep teu geura ngajawab tapi manehna malah ngabejaan ka Steve naon anu ditanyakeun ku si Aki.

“Steve, my grandpa ask me where you are from. Can you tell it by yourself? Just like what I’ve told you before.” omong Pa Cecep.

“Okay. Punten bapa, nepangkeun abdi Steve. Abdi urang Amerika. Abdi mah jelema belegug” cek si Steve ngomongna bari make logat Inggris nu kentel jeung ngayakinkeun.

Ngadenge jawaban si Steve, sontak bae jarelema nu aya di dinya sareuri mani nu ngeunah. Si Steve nu teu ngartieun pipiluanan seuri. Manehna nganggep eta teh adat urang dinya.

“Aduh Stip, maneh teh bisaan-bisaan teuing. Kakarek ge samenit geus bisa ngomong Sunda.” Cek si Aki bari seuri ngeuhkeuy.

“Pa Cecep, what did he say?” tanya Steve.

“He told you that your Sundanese language is good.” Jawab Pa Cecep.

“Nuhun...nuhun.” beja si Steve.

Saterusna daek teu daek Pa Cecep kudu jadi panerjemah ti Inggris ka Sunda jeung sabalikna. Katempona si Steve ngarasa resepeun ngobrol jeung urang lembur. Manehna ngarasakeun asa tamu anu dipihormat. Sababara kali manehna ngomong ka pa Cecep soal karamahan urang Sunda nu keur diobrolan ku manehna.

“They are so friendly and hospitable. Even all people want me to stay overnight in their house” kecap si Steve.

“It’s only a little thing you see today. You’ll even see more later.” Jawab Pa Cecep.

Kakarek oge Steve ngecap kitu, ujug-ujug rarayna pias. Matana rada nyipitan tanda manehna kasieunan. Di hareupeun di ti kajauhan manehna nempo aya sarombongan bapa-bapa jeung barudak ngora mamawa bedog, arit, jeung pacul. Maranehna leumpang bari ngagaridig kawas nu gurung gusuh. Raray maranehannana harideung bari kararesangan. Sasakali aya nu ngacung-ngacungkeun bedog.

Aya naon? Tungguan sambungan carita ieu dina sanes waktos.

2 komentar: